Jika Kesulitan, Silahkan Gunakan Fitur "Cari Dihalaman" dengan cara
CTRL+F pada keyboard (pc), lalu ketikkan judul atau lirik didalam lagu yang kamu ketahui
Bubuy Bulan
Bubuy bulan
Bubuy bulan sangray bentang
Panon poe
Panon poe disasate
Unggal bulan, unggal bulan
Unggal bulan abdi teang
Unggal poe,unggal poe
Unggal poe oge had
Cing Cangkeling
Kleung dengklek buah kopi rarang geuyan
Keun anu dewek ulah pati diheureuyan
Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Plos kakolong bapak satar buleneng
Pat lapat pat lapat katingalan masih tebih kene pisan
Layarna bodas jeung celak kasurung kaombak ombak
Panon Hideung
Panon hideung
Pipi koneng
Irung mancung
Putri Bandung
Putri saha
Di mana bumina
Abbi reseup
Kaanjeunna
Siang wengi
Kaimpi-impi
Hate Abdi
Sara redih
Teuemut dahar
Teuemut nginum
Emut kanu geulis
Panon Hideung
Pileuleuyan
Hayu batur hayu batur
Urang kumpul sarerea
Hayu batur hayu batur
Urang sosonoan heula
Pileuleuyan pileuleuyan
Sapu nyere pegat simpay
Pileuleuyan pileuleuyan
Paturay patepang deui
Amit mundur amit mundur
Amit ka jalma nu rea
Amit mundur amit mundur
Da kuring arek ngumbara
Tokecang
Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang sapependil kosong
Aya listrik di masigit meuni caang katingalna
Aya istri jangkung alit karangan dina pipina
Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang angeun kacang sapependil kosong
Sintren
Turun sintren sintrene widadari
Nemu kembang yun ayunan kembange putri Mahenra
Lamun dadi temuruna manjing karo sing dadi
Bajing Luncat
Bajing luncat, bajing luncat
Ka astana aduh
Abdi lepat narosan
Teu ti anggalna
Bajing luncat, bajing luncat
Ka astana ieuh
Abdi lepat narosan
Teu ti anggalna
Ku teu sangka salira bet
luas pisan
Teu hawatos
Ka nu kesel ngantos ngantos
Api api teu emut kana pasini
Pasini pakait ati
duh pakait ati ...
Neng Geulis
Neng geulis pujaan eungkang
Neng geulis akang hoyong tepang
Upami teu aya pamengan
Langkung sae urang keunalan
Neng geulis pujaan eungkang
neng geulis akang hoyong teupang
upami teuaya pamengan
sasih paun yu urang tunangan
eta saha anu acuk bodas
eta saha snu acuk kayas
pipi koneng irung mancung
putri Bandung
Neng geulis pujaan eungkang
neng geulis akang hoyong teupang
upami teuaya pamengan
sasih paun yu urang tunangan
NenunTenun lagu bertenun tenun kain celupan Batu Bara
Ada kain bersulam sutera ada kain warna kesumba
Ada kain bermanik perada jenis kain berbagai macam ada
Ppeling
Ha sakabeh para nonoman,
kitu deui para mojangna
Lamun pareng jauh ngumbara,
kade poho kana pepeling
Omat pisan tong pindah paadatan,
suwawona ninggalkeun kebangsaan
Boh pusaka boh budayana,
urang pisan nu ngajungjungna
Peuyeum Bandung
Di mana-mana
Di kampung di kota
Tos kakoncara
Ku nikmat rasana ..
Sampeu asalna
Tu direka-reka
Naon namina
Duh matak kabita ...
Peuyeum Bandung kamashur
Pangaosna teu luhurKu sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murangkalih
Mangga cobian
Bilih panasaran
Peuyeum ti Bandung
Henteu sambarangan
Sapu Nyere Pegat Simpai
Ririungan urang karumpul
meumpeung deukeut hayu rang sosonoan
Macangkrama bari ngawadul
urang silih tempas silih eledan
Moal lila jeung babaturan
hiji wanci anu geus ditangtukeun
Bakal pisah bakal pajauh
bakal mapohokeun katineung urang
Sapu nyerepegat simpai bakal kasorang takdir
ti Gusti Hyang Widi pasti kalakon
Urang rek papisah urang rek pajauh
meumpeung deu keut hayu rang sosonoan
Kembang Jahe Laos
Kembang jahe laos oli tuku larang larang
Kembang jahe laos oli tuku larang larang
Larang larang sepirane asal rujuk wong tuwane
Kembang cicilingkong kembu cilik wadah bangkong
Kembang cicilingkong kembu cilik wadah bangkong
Lagi cilik dibopong-bopong barang gede digawa uwong
Kembang kembang palem tengahe kembang melati
Kembang kembang palem tengahe kembang melati
Yen gelem ngomonga gelem aja gawe lara ati
Badminton
Badminton di mana-mana
di kampung jeung di kota
Badminton jeung suka-suka
panglipur lara brang ta
Di smes dikap dilob bek hen
Di smes dikap dilop klein spell
Ngulangkeun raket diatur
tingkahna maju mundur
Latihan ngarih di dapur
sareng ngangebug kasur
Badminton di mana-mana
di kampung-kampung di kota
Badminton jeung suka-suka badminton
Bari bgajungkung raket nyangigir
apung-apungan tibeulah kenca
Kana net nyangsang bulu kok coplok
rek babalonan ulin leutik keketrekan
Ngulangkeun raket diatur
tingkahna teh maju mundur
Dapur latihan ngarih gigih
Bandung
Bandung ! Bandung ! Bandung nelah "Kota Kembang"
Bandung ! Bandung ! Sasakala Sangkuriang
Di lingkung gunung, heurin ku tang-tung
Puseur kota numulya
Parahiyangan
Bandung ! Bandung ! Pada muru di jarugjugan
Bandung ! Bandung ! Ting runggunuk nyanding gunung
Bandung ! Bandung ! Dipasieup Cikapundung
Di Bandung mungpung, jalma ti kampung
Ngadon reureuh di Kota nyinglar kabingung
Bandung ! Bandung ! Pang beberah nu nandang wuyung
Ka Huma
Hayu batur geura harudang, hayu batur geura harudang
Geura singkil masing tarapti, milih bibit anu ngajadi
Hayu terus bareng mariang, hayu terus bareng mariang
Sangkan urang teu kabeurangan, tong talangke tong sumpang simpang
Tuh di ditu sawah ngadagoan, prak pigawe ulah sungkan-sungkan
Saha deui lamun lain urang, anu ngurus sandang reujeung pangan
Cape gawe moal rek gaplah, hasil cukup beunang kipayah
Urang tangtu moal rek susah lamun huma dipikanyaah
Karatagan Pahlawan
Teu hon cewang sumoreang
tekadna pahlawan Bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
mun maksud ta can laksana
Berjuang keur lemah cai
lali rabi tur tega pati
Ta ya basa menta pamulang tarima ikhlas
rido keur korban merdeka
Sinatria dana laga
bela Bangsa jeung Nagara
Dibarengan tekad suci
berjuang keur lemah cai
Teu ngingetkeun ka dirina
asal Nagri, Bangsa waluya
Bisa jembar merdeka mukti wibawa
jasa tujuan pahlawan Bangsa
Sabilutungan
Sabilulungan, urang gotong-royong
Sabilulungan, urang silih rojong
Sabilulungan, genteng ulah potong
Sabilulungan, persatuan tembong
Tohaga, rohaka,
Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan
Satia, sajiwa,
Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan.
Sorban Palid
Palidna ka Cilamaya
Akang haji sumangga calik
Nyanggakeun mah saaya-aya
Akang haji sorban palid
Palidna ka Cikapundung
Akang haji kunaon balik ulah lila
Dalila pundung
Kaso pondok kaso panjang
Kaso ngaroyom ka jalan
Najan sono najan heman
Teu sae ngobrol di jalan
Kaso pondok kaso panjang
Kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono nganjang
Sono patepang di jalan
Akang haji sorban palid
Palidna ka Cikamiri
Akang haji kunaon balik
Ulah osok da nganyenyeri
Borondong Garing
Palidna ka Cilamaya
Akang haji sumangga calik
Nyanggakeun mah saaya-aya
Akang haji sorban palid
Palidna ka Cikapundung
Akang haji kunaon balik ulah lila
Dalila pundung
Kaso pondok kaso panjang
Kaso ngaroyom ka jalan
Najan sono najan heman
Teu sae ngobrol di jalan
Kaso pondok kaso panjang
Kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono nganjang
Sono patepang di jalan
Akang haji sorban palid
Palidna ka Cikamiri
Akang haji kunaon balik
Ulah osok da nganyenyeri
Tongtolang NangkaTongtolang nangka
Kawinan bapa
Poe salasa
Teu beja beja
Aduh-aduh si bapa
Nganyenyeri ka ema
Bapa mah suka-suka
eujeung nu ngora
Gobang Kalima Gobang
Bang kalima lima gobang, bang
Bangkong ditengah sawah, wah
Wahai tukang bajigur, gur
Guru sakola desa, sa
Saban poe diajar, jar
Jarum paranti ngaput, put
Putri nu gareulis, lis
Lisung kadua halu, lu
Luhur kapal udara, ra
Ragrag di Jakarta, ta
Taun tujuh hiji, ji
Haji rek ka Mekah, kah
Kahar tujuh rebu, bu
Buah meunang ngala, la
Lauk meunang nyobek, bek
Beker meunang muter, ter
Terus ka Ci Kampek, pek
Pek na gagang kalam, lam
Lampu eujeung damar, mar
Mari kueh hoho, ho
Hotel pamandangan, ngan
Ngantos kanjeng dalem, lem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Renggong Ramsijan
Pun Lamsijan budak kampung
Ku bapa na di bantun nyaba ka Bandung
Wantun-wantun budak kampung
Nembe pisan manehna lunta ka Bandung
Pun Lamsijan ngembang kadu
Tina kaget ningal kaayaan Bandung
Ninggal mobil, bati heran
Cenah aya kahar maju ku sorangan
Ari ningal kareta api
Oray naon itu bapa panjang pisan?
Ti peutingna listrik caang
Ku Lamsijan dipajarkeun kunang-kunang
Nona-nona keur darangsa
Pajarkeun teh widadari ti kayangan
Di bioskop sieun pisan
Gambar hirup pajar siluman nembongan
Cing Ciripit
Cing ciripit
Tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu pare
Bulu pare seuseukeutna
Jol pa dalang mawa wayang
Jrek-jrek nong, jrek-jrek nong
Ding-ding Kiripik
Dingding kiripik
Tulang bajing kacapit
Saha nu kacapit
Jadi ucing
Tilil
Tilil dog celentong
Sae asa jagong
Anjing diudag bagong
Lumpat ngeplos ka kolong
Trang Trang Kolentng
Trang trang kolentrang
Si londok paeh nundutan
Tikusruk kana durukan
Mesat gobang kabuyutan
Nyeh prot, nyeh prot
Bujur kudu cecendeteun
Dibura ku laja tuhur
Laja tuhur beunang ngunun
Beunang ngunun tujuh taun
Kadalapan di burakeun
Pacici Cici Putri
Pacici-cici putri
Serelek tembang celempung
Ali-ali pamadatan
Goreng adat digurubas
Kalo mau kembang apa?
Kembang pacar
Ma Nona hayang kembang pacar
Kabogohna tukang nyacar
JA Leu Leu Ja
Ja leuleu ja
Tulak tuja eman gog
Seureuh leuweung bay
Jambe kolot (je) bug
Ucing katinggang songsong ngek
Slep Dur
Slep dur, slep dur
Dilas dipan dipan debur
Kahijina kaduana
Katiluna kaopatna
Kalimana kagenepna
Katujuhna nu pandeuri
Pupujian
Hayu batur urang dikir
Nya dikir malem Jumaah
Sugan pareng nabi calik
Ganjaran ti sawarga
Alus ati bisa ngaji
Braay padang braay caang
Caangna salawe isun
Ucang Angge
Ucang-ucang angge
Mulung muncang ka parangge
Digogog ku anjing gede
Anjing gede nu pa lebe
Ari gog, gog cungungung
Sur Serk
Sur ser sur ser
Angeun aing acan asak
Disuluhan ku kaliki
Kaliki beunang meulahan
Meulahan ku peso raut
Dug dug dug bro sambel laja, dug dug bro sambel laja…….
Sur ser sur ser
Asak-asak angeun aing
Disuluhan ku taropong
Taropong tamiang sono
Dug dug dug bro sambel bojong, dug dug bro sambel bojong…..
Oray-Orayan
Oray-orayan
Luar leor ka sawah
Entong kasawah
Parena keur sedeng beukah
Oray-orayan
Luar leor ka kebon
Entong ka kebon
Di kebon loba nu ngangon
Mending ka leuwi
Di leuwi loba nu mandi
Saha anu mandi?
Anu mandina pandeuri
Kacang Buncis
Cis kacang buncis nyengcle
Di anggolati inem
Nu geulis ancla-encle
Jeung aluman alimen
Cis kacang buncis nyengcle
Di anggolatikuda
Nu geulis tembong pingping
Keun wae keur kaula
Hidid Aing
Geber–geber hihid aing
Hihid aing kabuyutan
Titinggal nini awaking
Paciwit-Ciwit Lutung
Paciwit-ciwit lutung
Si lutung pindah ka luhur
Paciwit-ciwit lutung
Si lutung pindah ka luhur
Ayang Ayang Gung
Ayang–ayang gung
Gung goongna rame
Menak Ki Mas Tanu
Nu jadi wadana
Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung kompeni
Niat jadi pangkat
Katon kagorengan
Ngantos kangjeng dalem
Lempa lempi lempong
Jalan ka Batawi ngemplong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Eundeuk-Eundeukkan
Eundeuk-eundeukkan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku aki
Beunang deui ku nini
Eundeuk-eundeukkan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki
Lainnya Dari: Daerah Jawa Barat